Khutbah Iduladha 1447 H Bahasa Sunda KH. Raden Muhammad Nizar; Hikmah Qurban, Ikhlas dan Perjuangan
Garut - Khutbah Pasca Shalat Idul Adha disampaikan oleh Pimpinan Pondok Pesantren Assa'adah Limbangan Garut, KH. Raden Muhammad Nizar pada Hari Raya Idul Adha 1447 H yang bertepatan dengan Hari Selasa 27 Mei 2026.
Khutbah Iduladha 1447 H Bahasa Sunda KH. Raden Muhammad Nizar; Hikmah Qurban, Ikhlas dan Perjuangan
Garut – Khutbah Pasca Shalat Idul Adha disampaikan oleh Pimpinan Pondok Pesantren Assa’adah Limbangan Garut, KH. Raden Muhammad Nizar pada Hari Raya Idul Adha 1447 H yang bertepatan dengan Hari Selasa 27 Mei 2026.
Dengan Bahasa Sunda, ia menyampaikan khutbahnya:
Hikmah ibadah kurban, nyaeta pikeun ngabangun hate anu takwa, anu ikhlas, pinuh kurasa kepedulian sosial. Getih Kurban moal nepi, daging kurban moal dugi ka Allah. Tapi nu dugi ka Allah, nyaeta katakwaan nu aya di hate aranjen sadayana.
Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar walillahil Hamd . Kiwari urang nyaksian Se er dulur-dulur urang jalma muslim hirup dina Ka ayaan susah, se er anu hirup dina kalaparan, se er anu kaleungitan Imah, bahkan kaleugitan tanah air, kaleungitan tempat kelahiranana gara-gara perang.
Se er keneh kaum muslimin anu hirupna jauh tina rasa aman, kaleubet dampak tina konflik di Timur Tengah, dulur urang kaum muslimin di Palestina, kaum muslimin di Iran, Libanon, sareng di Negara- negara Islam anu sanesna. Hal iyeu tantos janten peringetan kangge urang sadayana.
Nu pertama, urang kedah waspada jeung saestuna musuh-musuh Islam, Yahudi Nasrani moal ereun maranehna bakal terus berupaya, berusaha kumaha carana ngancurkeun Agama Islam jeung Kaum Muslimin. Sareng hal eta oge janten gambaran kangge urang sadayana, jeung saestuna kaum Muslimin masih keneh se er, masih keneh nyanghareupan rupi-rupi cobaan, mang rupi-rupi kasangsaraan.
Nukituna urang teu meunang hirup ngan ukur mikirian diri sorangan. Rasulullah Saw ngadangukeun: Perumpaan Kaum Muslimin dina pada silih pikanya ahna, silih pikacinta, silih pika asihna, diumpamakeun jasad anu sahiji. Nalika diibaratkeun dimana anggota tubuh anusahiji, dimana Aya hiji anggota tubuh ngarasa peurih maka bakal karasa nyerina ku anggota anu sanesna.
Hadis iyeu ngajentrekeun jeng jalma Muslim teu meunang acuh kana kasusah dulurna, keudah aya kepedulian. Kepedulian eta tiasa dibuktoskeun kubantuan harta, kuperhatian, sareng anu paling utamina kucara ngajaga persatuan umat.
Innamal Mu’minuna Ikhwatun. Anging pastina sakabeh jalma muslim, jalma mukmin, eta dulur. sareng duduluran Islam teu dibatas ku suku bangsa, teu dibatas ku bahasa, asal pada-pada ngabogaan Imah eta sadayana dulur.
Mangka nalika aya dulur-dulur Muslim nuju dina Ka ayaan susah, urang kudu aya rasa nya’ah jeung peduli. Laa yu’minu ahadukum Hatta yuhibba li akhihi maa yuhibbu binafsihi. teu sampurna kaimanan salah sahiji aranjen sadaya, sahingga bisa mika cinta kadulurna kapada jalma muslim sakumaha dirina mika cinta kadirina sorangan.
Hadirin rahimakumullah, kikutina lebaran Idul Adha iyeu urang jadikeun momentum kangge nguatkeun solidaritas umat, nye erkeun sodaqoh, nulungan ka tatangga, merhatikeun budak yatim, merhatikeun fakir miskin. Urang bangung, urang tumbuhkeun rasa silih pika nya ah, silih pika asih kepada jalma Muslim, behdituna kasakabeh manusia dina kahirupan bermasyarakat, berbangsa sareng bernegara. mudah-mudahan urang sadayana diberkahan ku Allah SWT.
Tim Dokumentasi Ali Zaenal Abidin Al Sajjad
#bahasasunda #khutbah #iduladha





